Ulin Ka Purwakarta
       Nuju dinten salasa Tanggal,07.03.2017 kuring sareng kang Heru Alfahd alias Ki Sabda ngaprak ka daerah Kabupaten Purwakarta Jawa Barar maksud sareng tujuan bade nyemah ka Bapak Bupati Kang H.Dedi Mulyadi, Ahhhh ...
       Dasar lain nasib meureun nya hanjakal pisan teu kapendak sareng kang Dedi nya kusabab perjalanan tol nuju kaleresan macet,geus kitu naa mobil nyoloyong ka katuhu da aya tulisan mobil kecil ambil kanan ahhh looos waeee jadi ka tol cipularang kaluar bandung barat jauh jabaning...beuu edas dulur nepi ka pandopo purwakarta teh kirang leuwih tabuh 14:32 kaleresan kang  Dedi nuju teu aya ditempat nu saurna nuju di sumedang...
       Saking ku betah di purwakarta nu resik resep usik po indaaaah pokokna mah lah.
       Disakuliling pendopo meureun lamun cara dibogor mah kadipaten atanapi kabupaten nu diebat pemda euuuuuuhhh eta maah dibaudeureun jaln tehbener-bener resik kacida no sampah pinggir jalan, pinggir-pinggir jalan dihias ku lampion sareng nganggo janur kalapa sareng tiap-tiap gang dipasang gapura sareng pager anu saragam.
     Tuluy ngjugjug ka air mancur pang ageungna sa asia nu tuasa goyang euuuhh endah kacida nu gaduh situ buleud sareng  di sribaduga nyaeta kota purwakarta nu dipimpin ku Kang Dedi Mulyadi...

Kang Kheru Ki Sabda nuju serius, serius betah jigana...iraha ka Purwakarta deuiii ajak kuring...